Senin, 13 Februari 2012

KADEUDEUH TI PANGERSA ABAH ANOM





KADEUDEUH TI PANGERSA ABAH ANOM
YAYASAN SERBA BAKTI PESANTREN SURYALAYA
Pondok Pesantren Suryalaya
Desa Tanjungkerta Pagerageung Tasikmalaya
Para Ikhwan kaum Muslimin, nu nuju dialajar Thorekat Qoodoriyyah Naqsyabandiyyah.
Assalamualaikum Wr. Wb.
Bismillahirrohmannirrohim
Alhamdulillah wasyukurillah,Abah teu kinten bingahna wireh kitab Aurod-aurod Thorekat Qoodriyyah Naqsyabandiyyah nu dinamian,
`UQUUDUL JUMAAN`
Parantos sababaraha kali dicitak, ieu the hiji tawis yen para ikhwan sadaya teu kinten meryogikeunnana kanggo katartiban dina ngajalankeun amalan Thorekat tadi, supados langkung mantep dina lebet pangabdian ka Allah Nu Maha Agung.Kukituna Abah ngajak ka para ikhwan sadaya, hayu urang sasarengan ngabaktoskeun kataatan dina lebet BAKTI NGABDI ka Pangeran khususna, kasasama, bangsa sareng nagara umumna.
Akhirna mugi Allah SWT, ngalimpahkeun Taufik sareng Hidayahna supados tambih manfaat sereng maslahatna kanggo urang sadayana.
Amin Yaa Robbal Aalamiin
Suryalaya, 11 April 1976
Wassalam,
Sesepuh
Pesantren Suryalaya


Syekh .A. Shohibulwafa Tajul Arifin Qs.








PADAMELAN SADIDINTEN:
Kanggo nu nuju dialajar Thorekat Qodriyyah Naqsabandiyyah unggal dinten saparantos netepan fardu, Dawuhna Allah SWT:
Faidza qodloitumus sholata fadzkurulloha
(upama maneh rengse sholat, lobakeun Dzikir ka Allah)

Bismillahirrohmaanirrohiim
(Kalayan nyebat jenengan Allah Nu Welas Asih)
Ilaa hadrotin Nabiyyil Mustofaa Muhammadin SAW, wa`alaa aalihii wa ashhaabihii wa azwaajihii wadzurriyyatihii wa ahli baetihii ajma`iin, syaeun lillahi lahum Alfaatihah.
(He Alloh, mugi Gusti ngadugikeun ganjaran nu diaos ku abdi, kapayunan Kanjeng Nabi nu diselir, nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad SAW, mugi Gusti Alloh nambihan rahmat ka Kanjeng Nabi sareng kasalametan kakulawargina sareng ka sohabatna sareng ka geureuhana sareng ka seuweu-seuweuna sareng ka ahli bumina, sagala perkawis kagungan Alloh. Alfaatihah.)

Astagfirullahal ghofuurur rohim (3x)
(Abdi neda pangampura ka Gusti Alloh anu Maha Pangampun tur Maha Welas Asih)

Allohumma sholli `alla sayyidinaa Muhammad wa `alaa aalihii wa shohbihi wasallim (3x)
(He Alloh mugi Gusti nambihan rohmat ka jungjunan abdi sadaya Nabi Muhammad sareng ka kulawargina, ka sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Ilaahi anta maqshudi waridhloka mathluubii `athinii mahabbatka wama`rifataka.
(Nun Gusti Salira Gusti pisan nudiseja ku abdi Gusti, sareng karidloan salira nu ku abdi disuprih.  Mugi maparin ka abdi Gusti kana mahabbah sereng ma`rifat ka Salira Gusti)
 Teras dzikir ngadawamkeun

Laa Ilaaha Illalloh (3x)
(Teu aya deui Pangeran nu wajib disembah/diibadahan anging Alloh)
Saterasna DZIKIR 165x atanapi langkung numutkeun kapalay urang, kalayan di tungtungan ku etangan ganjil.

Dzikir ieu dipungkas ku maos
Sayyidunaa Muhammadur Rosuululloh Shollalloohu `alaihi wasallam
(Ari Jungjunan urang sadaya eta Kanjeng Nabi Muhammad anu jadi utusan Allah)

Teras ngadu`a,
Allohumma sholli `alaa Sayyidinaa Muhammadiw wa `alaa aali Sayyidinaa Muhammadin Sholaatan tunjiina bihaa min jamii`il ahwaali wal aafaati wataqdlii lanaa bihaa jamii `alhaayaati wa tuthohhirunaa bihaa min jamii`is saiaati wa tarfa`unaa biha `indaka a`lad darojaati wa tuballighunaa biha aqsholghoyaati min jamii`il khoerooti fil hayaati wa badalmamaati innal ladziina yubaayi`unaka innamaa yubaayi`unalloha yadullohi fauqoaidihim faman nakatsa fa innamaa yankutsu `alaa nafsihi wa man aofaa bimaa `aahada `alaihulloha fasayu tiihi ajron `adhimaa.
*Du`a ieu tiasa ditambih ku du`a sakersana.
(Nun Gusti Alloh mugi nambihan rahmat Gusti, ka Jungjunan abdi sadaya nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad sareng ka kulawargina Jungjunan abdi sadaya Kanjeng Nabi Muhammad, kalayan rahmat anu matak nyalametkeun Gusti ka abdi sadaya nu sababiah eta rahmat tina sadaya pakewuh sareng panca bahya. Sareng nyumponan Gusti ka abdi sadaya ku sababiah eta rahmat kana sadaya pangabutuh. Sareng ngabersihkeun Gusti Ka abdi sadaya ku sababiah eta rahmat tina sadaya kaawonan. Sareng ngaluhurkeun Gusti ka abdi sadaya kusababiah eta rahmat kana pang luhur-luhurna darajat mungguh Gusti. Sareng ngadugikeun Gusti abdi sadaya ku sababiah eta rahmat kana panungtungan tujuan (pamaksadan) tina sagala rupi kasaean nalika hirup sareng maot. Saestuna jalma-jalma anu jaranji ka Anjeun Muhammad, eta teh jaranji ka Gusti Allah. Ari kakawasaan Gusti Allah eta dina saluhureun kakawasaan maranehna. Mangka sing saha jalma anu ngaruksak kana jangjina mangka pasti bahayana ngaruksak jangji eta teh tumiba kana dirina sorangan jeung sing saha jalma nyumponan kana sakumaha anu geus dijangjikeun ka Gusti Alloh, mangka Gusti Alloh bakal maparin kamanehna ganjaran anu gede.)

Ilaa hadlrotin Nabiyyil Mustofaa Muhammadin Shollallohu `alaihi wasallam wa `alaa alihii wa ashhaabihi wa azwaajihii wadzurriyyatihii wa ahli baetihi ajma`in syaeun lillahi lahum. Alfatihah.
(He Alloh, mugi Gusti ngadugikeun ganjaran nu diaos ku abdi, kapayunan Kanjeng Nabi nu diselir, nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad SAW, mugi Gusti Alloh nambihan rahmat ka Kanjeng Nabi sareng kasalametan kakulawargina sareng ka sohabatna sareng ka geureuhana sareng ka seuweu-seuweuna sareng ka ahli bumina, sagala perkawis kagungan Alloh. Alfaatihah.)

Tsumma ilaa arwahi silsilatil Qoodiriyyah wan Naqsyabandiyyah wa jami`I ahlith Thuruqi khushuushoon ilaa hadlroti Sulthonil Aoliyaa`I Gaotsil `Abdul Qoodir Al Jaelaanii Qoddasallohu sirrohu wa sayyidi Syekh Abil Qoosim Al Junaedil Bagdaadi wa sayyidi  Syekh Ahmad Khoothib Syambaasi ibnu `Abdil Ghoffari wa sayyidi  syekh tolhah kalisaafuu wa Sayyidis Syekh Abdulloh Mubarok bin Nur Muhammad,wa syaikhina Al mukarom Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul ‘Aarifin wa ushuulihim wa furuu`ihim wa ahli sisilatihim wal aakhhidziina `anhum syaeun lillahilahum. Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka arwahna Guru-guru ahli runtuyan Thorekat Qoodiriyyah Naqsabandiyyah sareng ka sadaya ahli Thorekat, khususna kapayuneun rohna Aolia pitulung agung patakna alam, Guru urang Syekh anu ngahirupkeun agama, Abdul Qoodir al Jaelani. Mugi Gusti Alloh ngabersihkeun kana kubur Mantenna. Sareng Sayyid gegeden golongan ahli tasyawwuf Abil Qoosim Junaed AlBagdadi sareng kapayunen Syekh Ahmad Khotib Sambaasi ibn`Abdul Gooffar sareng ka payunen  Pangersa guru urang nu dimulyakeun, sareng ka asal usulna sareng ka cabang-cabangna, sareng ka ahli silsilah sareng kanu nyandak ti Anjeunna. Alfaatihah.)

Tsumma ilaa arwahii aabaa-inaa wa ummahatinaa walikaaffatii muslimiina walmuslimaati walmu`minaati al-ahyaa-I minhum wal amwaat syaeun lillahi lahum. Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka arwah bapak-bapak abdi sadaya, biang-biang abdi sadaya, kasadayana muslim pameget,muslim istri, kasadayana mu`min sareng mu`minat nu masih araya sareng nu tos teu aya. Alfaatihah.)

Astaghfirullooha robbi min kulli dzanbin wa atuubu ilaih. 3x
(Abdi nyuhungkeun panghampura ka Gusti Alloh tegesna Pangeran abdi sakabeh dosa sareng tobat abdi ka Anjenna).

Alloohumma sholli `alaa Muhammadin wa`alaa aali Muhammadin. Kamaa shollaeta `alaa Ibrohiima wa`alaa aali Ibrohiim, wa baarik `alaa Muhammadin wa`alaa aali Muhammad. Kamaa baarokta `alaa Ibrohiim wa`alaa aali Ibrohiim, fil`aalamiina innaka hamii dummajiid.
(Nun Gusti Alloh mugi nambihan rahmat ka Kanjeng Nabi Muhammad sareng ka kulawargina Kanjeng Nabi Muhammad, sakumaha parantos nambihan rahmat Gusti ka Kanjeng Nabi Ibroohim sareng ka kulawargina Kanjeng Nabi Ibroohim. Sareng mugi-mugi nambihan kaberkahan Gusti ka Kanjeng Nabi Muhammad sareng ka kulawargina Kanjeng Nabi Muhammad, sakumaha parantos masihan kaberkahan Gusti ka Kanjeng Nabi Ibroohim sareng ka kulawargina Kanjeng Nabi Ibroohim. Dina sadaya alam sayaktosna Gusti eta Dzat nu di Puji tur anu Agung)

Illahi anta waqshuudi wa ridlooka mathluubi a`thinii mahabbataka wama`rifataka.
(Nun Gusti, nya salira Gusti pisan nu di seja ku abdi Gusti, sareng karidoan Salira nu ku abdi disuprih. Mugi-mugi maparin ka abdi Gusti kana mahabbah sareng ma`rifat ka Salira Gusti.)
Teras `TAWAJJUH` kalayan panon duanana dipeureumkeun,lambey dirapetkeun, ilat dilirenkeun, mastaka ditungkulkeun, dupi manah teu liren-liren dzikir KHOFII.(dupi lamina mah sakawasana)






KHOTAMAN

Ilaa hadlrotin Nabiyyil Mustofaa Muhammadin Shollallohu `alaihi wasallam wa `alaa alihii wa ashhaabihi wa azwaajihii wadzurriyyatihii wa ahli baetihi ajma`in syaeun lillahi lahum. Alfatihah.
(He Alloh, mugi Gusti ngadugikeun ganjaran nu diaos ku abdi, kapayunan Kanjeng Nabi nu diselir, nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad SAW, mugi Gusti Alloh nambihan rahmat ka Kanjeng Nabi sareng kasalametan kakulawargina sareng ka sohabatna sareng ka geureuhana sareng ka seuweu-seuweuna sareng ka ahli bumina, sagala perkawis kagungan Alloh. Alfaatihah.)

Tsumma ilaa arwaahi aabaa-ihii wa ikhwaanihii minal ambiyaa-I walmursaliin wa ilalmalaikatil muqorrobin walkaruubiyyiina was-syuhadaa-I was-sholihiin wa aali kullin wa ash-haabi kullin wa ilaaruuhi abiina aadama waumminaa hawaa-a wamaatana sala baenahumma ilaayaomidiin saeun lillahi lahum. Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka arwah rama-ramana sareng saderek-saderekna nyaeta para Nabi sareng Mursali sareng malaikat nu deuheus ka Alloh sareng ka malaikat Karrubiyyiina sareng sareng kanu maot syahid sareng ka para sholihin sareng ka Kulawargina sareng ka para sohabatna sareng ka ruhna bapa sadaya nyaeta Nabi Adam a.s sareng ka ibu abdi sadaya nyaeta Siti Hawa a.s sareng perkawis anu turun tumurun ti antara duaanana dugi ka poe qiamah, sadaya perkawis kaagungan Alloh mangka tetep ka Anjeunna. Alfaatihah.)

Tsumma ilaa arwaahi saadatinaa wa mawaalinaa wa-aimmatinaa Abii Bakrin wa `Umar wa `Utsman wa `Ali wa ilaa baqiyatis shohaabati walqaroobati wa-taabi`iina wattaabi`it taabi`iina lahum bibihsaanin ilaa youmiddiin, syaeun lillaahi lahum.Alfaatihah
(Mugi didugikeun ka para ruhna saadatinaa urang sadaya sareng nungurus urang sadaya sareng Imam urang sadaya nyaeta Abu Bakar, `Umar, `Utsman, `Ali sareng tabi`in sareng nu turut ka tabi`in ku kasaean, sadaya perkawis kaagungan Alloh mugi tetep ka Anjenna.Alfaatihah.)

Tsuma ilaa arwaahi a-immatil mujtahidiin wa muqollidiihim fiddin wal `ulamaa-ir roosyidiin wal qurrooil mukhlishiin wa ahlit-tafsiiri walmuhaditsiin wa saairi saadaatis shuufiyatil muhaqiqiin wa ilaa arwaahi kulli waliyyin waliyyatiw wamuslimin wamuslimatin min masyaariqil ardli ilaa maghooribihaa wamin yaminihaa ilaa syimaalihaa, syaeun lilaahi lahum. Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka ruhna para Imam Mujtahid sareng anu taklid ka aranjeunna dina agama sareng ka para ulama nu kenging pituduh sareng ka ahli ngaos Qur`an nu pada ikhlas sareng ka para Imam ahli hadits sareng ka ahli tafsir sareng ka raka-rakana Saadaatina urang, ka sadaya ahli tashawwuf anu nyata sadayana sareng ka ruhna tiap-tiap Wali pameget istri ti wetanna ti kulonna, ti katuhuna, ti kencana bumi, sagala perkawis kagungan Alloh, mugi tetep ka Anjeunna. Alfaatihah.)

Tsuma ilaa arwaahi ahli silsilatil Qoodiriyyah wan Naqsyabandiyyati wa jamii-I ahlit Thuruqi khushuushon ilaa hadlroti Sulthonil Aoliyaa-I Ghaosyil a`dhomi Quthbil`aalamiina Sayyidi Syekh `Abdul Qoodir Al Jaelanii wa Sayyidi Syekh Abiil Qoosimil Junaedilil-Baghdaadi wa Sayyidi Syekh Ma`ruufil Kurkhi wa Sayyidis Syekh Sirris Saqothii wa Sayyidis Syekh Habiibil `Ajamii wa Sayyidis Syekh Hasan Bashri wa Sayyidis Syekh Ja`farus Shoodiq wa Sayyidis Syekh Yuusufu Hamdaaniyii wa Sayyidis Syekh Abii Yaziidil Busthoomii wa Sayyidis Syekh Bahauddiin Naqsyabandii wa hadlroti Imaamir Robbanii wa Syekh Ahmad Khoothib Syambaasi ibnu `Abdil Ghoffari wa sayyidi  syekh tolhah kalisaafuu wahadhoroti syaikhina al mukarrom Syekh Abdulloh Mubarok bin Nur Muhammad,wa sayikhina Al mukarrom Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul ‘Aarifin wa ushuulihim wa furuu`ihim wa ahli sisilatihim wal aakhhidziina `anhum syaeun lillahilahum. Alfaatihah
(Mugi didugikeun ka arwah-arwahna guru-guru rantayan Thoreqat Qoodiriyyah Naqsyabandiyyah sareng ka sadaya ahli Thoreqat, khusus ka payuneun rohna Aoliya pitulung Agung patokna alam, Guru urang Syekh anu ngahirupkeun agama Syekh `Abdul Qoodir Al Jaelani mugi Allah ngabersihkeun kana kubur mantenna sareng Sayyid gegeden golongan ahli tasawwuf Abil Qoosim Junaedi Al Baghdaadi sareng Sayyid Sirris Saqooti, Sayyid Ma`ruf Al Kurkhi, Sayyid Habib Al`Ajaami, Sayyid Hasan Bashri, Sayyid Ja`far Assodiq, Sayid Abi Yaziid Al Busthomi, Sayyid Yuusuf Al Hamdaani, Sayyid Bahhauddin Naqsyabandi, Pangersa Imam Robbani, Pangersa guru urang anu dimulyakeun, ka rama-ramana, ka pal putrana, ka ahli silsilah sareng ka nu nyandak ti anjeunna. Alfaatihah.)

Tsumma ilaa arwaahi waalidiina wa waalidikum wa masyaayikhinaa wamasyaayokhum wa amwaatinaa wa amwaatikum wa liman ahsana ilainaa wa liman lahu haqqun `alainaa waliman aoshoonaa wastaoshoonaa waqolladanaa bidu`aa-ilkhoeri, syaeun lillahi lahum Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka arwah-arwahna bapa abdi sareng bapa aranjeun sadaya, ka guru-guru abdi sareng guru-guru aranjeun sadaya, kanu parupus pihak abdi sareng pihak aranjeun sadaya, ka jalmi-jalmi anu wasiat ka abdi sadaya, ka jalmi-jalmi anu nungtun ka abdi sadaya di sisi Gusti, kalayan du`a kasaean. Sagala rupi perkawis kaagungan Alloh, eta tetep ka Anjeunna. Alfaatihah)

Tsumma ilaa arwaahi jamii`il mu`miniina wal muslimina wal muslimaati al-ahyaa-I minhum wal-anwaat min masyaariqil ardli ilaa maghooribihaa wamin yamiinihaa ilaa syimaalihaa wamin qoofin ilaa qoofin min waladi Aadam ilaa yaomil qiyaamati syaeun lillaahi lahum Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka sadayana jalmi mu`min istri pameget, ka jalmi Islam istri pameget ka nu masih araya atanapi tos teu araya, ti wetanna ti kulonna bumi, oge ti katuhu sareng ti kenca gunung Qaf ka gunung Qaf, ti kawit Adam dugi ka poe Qiyamat. Sagala rupi kagungan Allah, eta tetep ka Anjeunna. Alfaatihah)

Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan Abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Bismillaahhirrohmaanirrohiim
Alam nasyroh lakashodrok, wa wadlo`naa `ankawizrokalladziianqodlodlohrok, wa rofa`naa lakadzikrok, fainnama`al usriyusroo, innama`al usri yusroo, faidza faraghta fanshob, wailaa robbika farghob.  80x.
(Kalayan Asmana Alloh Numaha Murah Nu Maha Asih, Naha lain Kami geus ngajembarkeun dada maneh, jeung Kami geus miceun bangbuluh maneh, anu ngabeungberatan tonggongmaneh, jeung Kami geus ngangkat ngaran maneh?, saenyana dina kasusah (rohani) the aya kabungah, jeung saenyenyana dina karipuh (jasmani) the aya kasenangan, kesabab eta, upama maneh geus salse, jung geura nangtung (digawe deui), jeung nya ka Pangeran maneh kuduna maneh miharep.)

Bismillahhirrohmaanirrohiim
Qulhuwallohu ahad, Alloohus shomad, lam yalid walamyuulad, walam yakullahuu kufuwan ahad. 500X
(Kalayan Asmana Alloh Nu Maha Murah Nu Maha Asih, Pok caritakeun(Muhammad), saestuna Alloh Maha Tunggal, Alloh pamuntangan(sakumna mahluk), Anjeunna henteu puputra jeung henteu dibabarkeun, jeung henteu aya hiji oge anu nyaruan Anjeunna.

Ilaahadlorotis syekh Ahmad Baaqir, Alfaatihah.
(Mugi didugikeun Ka Syekh Ahmad Baaqir, Alfaatihah.)

Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Alloohumma yaa Qoodiyal haajaat.  100x
(He Alloh anu nyumponan sagala pangabutuh)

Alloohumma yaa kaafiyal muhimmat. 100x
(He Alloh anu nyukupkeun sagala nu diseja)

Allohumma yaa daafi`al baliyyaat. 100x
(He Alloh anu nolak sagala cocoba)

Alloohumma yaa foofi`ad darojaat. 100x
(He Alloh anu ngaluhurkeun kana pirang-pirang darajat)


Allohumma yaa syafiyal amrood. 100x
(He Alloh anu nyageurkeun kana sagala panyakit)

Allohumma yaa mujibad da`waat. 100x
(He Alloh anu ngaijabah kana sagala du`a)

Allohumma yaa arhamar roohimiin. 100x
(He Alloh anu pangasih-asihna anu asih kabeh)

Ilaa hadlroti Imaam Hawaajikin. Alfatihaah.
(Mugi didugikeun ka Imam Hawaajikin. Alfaatihah.

Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Laahaola walaa quwwata illa billaahil `alliyyil `adhiim. 100x
(Henteu aya daya henteu aya kakuatan, anging pitulung Alloh anu Maha Luhur anu Maha Agung)

Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan Abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Ilaa hadlrotil Imaamir Robbaanii. Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka Imam Robbaanii. Alfaatihah.

Bismillahirrohmaanirrohmaanirrohiim
Qul a`uudzu birobbil falaqi, min syarri maa kholaqo wamin syarri ghoosiqin idzaa waqob, wamin syarrinnaffaatsaati fil `uqoodi wamin syarri haasidin idzaahasad. 100x.
(Kalayan asmana Alloh nu Maha Murah nu Maha Asih)Pek caritakeun(Muhammad), Kaula nyalindung ka pangeran nu murbeng balabat subuh, tina kajahatan nu niskara anu geus diyugakeun jeung tina kajahatan peuting dina mangsa poek mongleng, jeung tina kajahatan tukang niupangcangreud nalika (tukang tenung), jeung tina kajahatan nu hasud nalika hasudna)

Astaghfirulloohal `adhiimal ladzii laa ilaaha ilaa huwal hayyul qoyyuumu wa atuubu ilaih.100x
(Kaula nyuhungkeun panghampura ka Alloh anu Agung, anu henteu aya deui Pangeran anging Mantenna, anu hirup anu jumeneng ku anjeun sareng tobat abdi ka Anjeunna)

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Qul-a`uudzubirobbinnaasi, malikinnaasi, ilaa hinnasi min syarril waswaasil khonnaas, alladzii yuwaswisu fii shuduurinnaasi, minal jinnati wannaasi. 100x
(Kalayan asmana Alloh nu Maha Murah sareng nu Maha Asih) Pek caritakeun (Muhammad), Kaula neda tulung nyalindung ka Pangeran nu ngaraksa nyariksa manusa, Rajana sakabeh manusa, Pangeran sakabeh manusa tina kajahatan anu ngaharewos, nu ngabobodo, nu ngaharewos dina hate manusa, tina bangsa jin jeung manusa.)

Ilaa hadlroti Sayyidinaa Mudhohir. Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka Syekh Mudhohir. Alfaatihah.)

Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)



Hasbunalloh wani`mal wakiil. 500x.
(Ari nu nyekapkeun ka abdi sadaya, eta Gusti Alloh sareng pangsaena nu nanggung pangabutuh makhluk)

Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan Abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Ilaa hadlroti Syekh `Abdul Qoodir Al Jaelaani. Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka Syekh `Abdul Qoodir Al Jaelaani. Alfaatihah)
Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Ni`mal maolaa wa-ni`man nashiir. 500x
(Gusti pangsaena anu ngurus sareng pangsaena anu nulungan)
Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Ilaa hadlroti Syekhinal Mukarrom.Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka Syekhinal Mukarrom.Alfaatihah)

Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Ilaa hadlrotil Imaam Khowaajah An Naqsyabandiyyah, Alfaatihah.
(Mugi didugikeun ka Syekh Khowaajah Naqsyabandiyyah, Alfaatihah)

Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Laa ilaaha illa anta subhaanaka inni kuntu minad dholimiin. 100x
(Henteu aya deui Pangeran anu wajib diibadahan anging Gusti, Maha Suci Gusti, saestuna abdi eta dina kaayaan tina sapalihna jalmi anu kaniaya)

Allohhumma sholli`alaa Sayyidinaa Muhammadinin Nabiyyil ummiyyi wa`alaa aalihii washohbihii wassallim.    100x
(He Alloh, mugi Gusti nambihan rohmat ka Junjunan abdi sadaya Nabi Muhammad anu tara nyerat sareng tara maos seseratan, sareng ka kulawargana, ka sohabat-sohabatna sareng mugi nambihan kasalametan)

Ilaa hadlroti Sayyidinaa Ma`shum, Alfatihah.
(Mugi didugikeun ka Syekh Muhammad Ma`shum,Alfaatihah.
Teras " TAWAJJUH "
Teraskeun ku ngaos,
Ilaahii anta maqshuudii waridloka mathluubi  (3x)
a`tinii mahabbataka wama`rifataka.
(Nun Gusti, nya kasalira Gusti pisan anu diseja ku abdi Gusti, sareng karidloan Salira nu ku abdi disuprih. Mugi-mugi maparin ka abdi Gusti kana mahabbah sareng ma`rifat ka Salira Gusti)

Yaa Latiif.  16.641 X



(He dzat nu Welas Asih)
DO`A  KHOTAMAN
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Yaa Lathiif……3x. Yaaman wasi`a luthuhuu akhlas samaawati wal ardli nas-aluka bikhofiyyi luthfikal khofiyyi antukhfiyanaa fii khofiyyi khofiyyi luthfikal khofii, innaka qulta waqaolukal haqqu. Alloohu lathiifun bi`ibaadihi yarzuku mayyasyaa-u wahuwal qowiyyul `aziiz. Alloohumma inna nas-aluka yaaqowiyyu yaa `aziizu yzz mu`iinu biquwwatika wa`izzatika yaa matiinu antakuuna la naa `aonan wamu`iinan fii jamii`il aqwaali wal-akhwaali wal `afaali wa jamii`iimaana huu fiihi min fi`lil khoerottinaa wadzunuubinaa fainnaka antal ghofurrur rohiim,waqodqulta waqaolukalhaqqu waya`fuu `ankatsiirin. Allohumma bihaqqi manlatthofta bihii wawajahtuu `indaka waja`altal luthfal khofiyya taabi`an lahuu haetsu tawajjaha nas-aluka antuwajjihanaa `indaka wa antukhfiyanaa biluthfika innaka `alaa kulli syaein qoodiir. Washollalloohu `alaa Sayyidinaa Muhammadiw wa`alaa aalihii washohbihii wassallam walhamdulillaahi robbil `aalamin.
(Kalayan Asmana Alloh nu Maha Murah nu Maha Asih. He Dzat nu Welas……3x. He Dzat jembar kawelasannana ka ahli langit sareng ahli bumi. Nyuhungkeun abdi ka Gusti ku samara-samarna kawelasan Gusti nu samar. Mugi Gusti nyamarkeun ka abdi sadaya ku samara-samarna kawelasan Gusti nu samar. Saestuna Gusti parantos ngadawuh Gusti sareng dawuhan Gusti nu haq. Alloh anu welas ka pirang-pirang abdina anu ngarijkian ka jalmi anu dikersakeun sareng Anjeunna anu Gagah nu Mulya. He Alloh, saestuna abdi nyuhunkeun abdi sadaya ka Gusti. He Dzat anu Gagah anu Mulya. He Dzat anu nulungan kukakuatan Gusti sareng ku kamulyaan Gusti ka abdi sadaya eta nulungan sareng ngabantu dina sadaya ucapan-ucapan sareng sadaya padamelan sareng sadaya tingkah sareng sadaya perkawis anu aya abdi sadaya dina eta perkawis anu aya abdi sadaya dina eta perkawis tina midamel pinten-pinten kasaean, sareng mugi nolak ti abdi sadaya kana sagala rupi kajahatan sareng sagala siksa sareng sagala cocoba anu nyata ngahaq abdi sadaya ka eta sadayana, margi tina hilapan abdi sareng tina dosana abdi sadaya. Saestuna Gusti anu ngahapunten anu Asih sareng parantos ngadawuh Gusti sareng dawauhan Gusti eta haq sareng ngahapunten ti jalmi seueur midamel dosa. He Alloh kalawan haq jalmi anu welas, Gusti ka eta jalmi sareng mayunkeun Gusti sareng ngajantenkeun Gusti kana kawelasan anu samara eta anu ka jalmi dimana mayun eta jalmi disarengan Gusti. He Alloh saestuna abdi nyuhungkeun abdi Gusti yen nyanghareupan Gusti ka abdi di gedengeun Gusti sareng nyamarkeun Gusti ka abdi ku kawelasan Gusti, Sayaktosna Gusti kawasa kana sagala perkawis. Sareng mugi nambihan rahmat Alloh ka Jungjunan abdi sadata Kanjeng Nabi Muhammad sareng kakulawargana sareng kashohabatna kasalametan. Maha Suci Pangeran, Anjeun Pangeran nu Mulya tebih tina sagala perkawis anu nyipatan jalmi-jalmi anu malusyrik. Ari kasalametan eta mugi tetep kasadaya utusan. Ari sadaya puji eta kagungan Alloh anu ngaratuan sadaya alam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar